Ngemprayna cahaya rasa
nyaangan kembangna cinta
herangna cai kaheman
nu maseuhan cinta urang
tunggul kawung nu ngajentul
saksi jangjina pasini
tangkal juar keur daunan
nu ngiuhan cinta urang
girimis kasorenakeun
hate karasa hariwang
boa-boa cinta urang
moal lana makalangan
jangji anu geus kaukir
cinta anu geus kagambar
ayeuna kari kalangkang
sakapeung dina lamunan